AL-FATIHAH
AL-FATIHAH (Bubuka)
Disebut Al-Fatihah lantaran ieu surat salaku bubuka pikeun ayat-ayat al-Quran.
Surat ka-1 ; 7 ayat
Diwahyukeun di Mekah
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ
1. Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Welas. Nu Maha Asih.
الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ (2
2. Sadaya puji kagungan Allah, Pangeran Nu Murbeng alam.
الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ (3
3. Nu Maha Welas. Nu Maha Asih.
مَالِكِ يَوْمِ الدِّينِ (4
4. Nu kagungan dinten wawales.
إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ (5
5. Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
اهْدِنَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيمَ (6
6. Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan anu lempeng.
صِرَاطَ الَّذِينَ أَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ غَيْرِ الْمَغْضُوبِ عَلَيْهِمْ وَلَا الضَّالِّينَ (7
7. (Nyaeta) jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni’mat ku Gusti, sanes jalan jalmi-jalmi anu kenging bebendon ti Gusti, sareng sanes jalan jalmi-jalmi anu salasar.