Kategori

Hakekat Ibadah Kurban

Dina akun Facebook atas nami Ahmad Fauzi, lulusan IAIN (ayeuna mah UIN) Wali Songo Semarang, maněhna nulis hiji pamadegan saperti kieu, “Apakah kita menyadari bahwa ritual Idul Adha yang disucikan oleh umat Islam sebenarnya merupakan peringatan dan pengulangan atas tindak kriminal Nabi Ibrahim dengan melakukan percobaan pembunuhan atas anaknya sendiri. Ibrahim tertipu oleh mimpinya dengan menganggap itu salah satu bentuk manifestasi perintah Tuhan, padahal sebenarnya gambaran dalam mimpinya tersebut adalah delusi yang tercipta dari rasa kebencian oedipus complex dalam alam bawah sadarnya sendiri. Bolehkan penulis menyebut Ibrahim sebagai Nabi Kriminal yang mengidap delusi akut?”.

 Kumaha ieu pamadegan nurutkeun al-Quran? Mangga tengetan jawaban al-Quran nu aya dina surat as-Shaffat ayat 102-111 anu unina,

“Nya waktu maněhna geus sawawa usaha bareng jeung bapana, pok bapana nyarita, ‘Yeuh anaking! Saěstuna ama něnjo dina impian, ama rěk meuncit hidep. Cing pikiran, kumaha putusan hidep?’. Maněhna ngajawab: ‘Nun ama, mangga lakonan saniskanten anu diparěntahkeun ka ama těh. Ama bakal mendakan kaayaan abdi Insyaalloh jadi di antawis jalmi-jalmi anu salabar’. Nya nalika maraněhna duaan geus sumerah, jeung maněhna geus naleukeumkeun pipi anakna (ngagolěrkeun). Jeung Kami cumeluk ka maněhna: ‘Yeuh Ibrohim!’. ‘Saěstuna anjeun geus ngabenerkeun ěta impian. Saenyana nya kitu Kami ngaganjar jalma-jalma anu ngalampahkeun kahaděan’. Saěstuna ieu těh cocoba anu tětěla. Jeung Kami geus ngaganti maněhna (Ismail) ku peupeuncitan anu gedě (domba anu lintuh). Jeung Kami geus ninggalkeun (conto) di maněhna pikeun jalma-jalma anu pandeuri. Kasalametan (ti Kami) pikeun Ibrohim. Tah kitu Kami ngaganjar jalma-jalma anu ngalampahkeun kahaděan. Saěstuna maněhna těh ti antara abdi-abdi Kami anu ariman”. (QS as-Shaffat [37]: 102-111)

Ieu ayat katut tafsirna ngajěntrěkeun sababaraha jawaban pikeun pamadegan Ahmad Fauzi di luhur. Kahiji, ěta impian Nabi Ibrohim těh henteu langsung dicumponan kitu waě. Anjeunna ngadugikeun heula ka nu jadi putrana (Nabi Ismail) kumaha kamandang putrana kana eusi ěta impian. Malah mandar dina Tafsir al-Qurthubi disebutkeun yěn ěta impian těh datang ka Nabi Ibrohim nepika tilu peuting terus-terusan. Dina waktu isuk-isuk tina peuting kahiji, dina diri Nabi Ibrohim a.s. aya kereteg hatě pikeun ngadugikeun ka putrana namung teu kawasa anjeunna ngadugikeunana. Jalaran kitu, ieu poě disebut poě tarwiyah (aya kereteg hatě keur nyaritakeun). Saba’da peuting kadua datang deui ěta impian, kakara aya pangarti ka Nabi Ibrohim yěn ěta impian těh mangrupakeun jangji ti Alloh Ta’ala pikeun jadi ujian (cocoba) Nabi Ibrohim. Ku kituna, ieu poě disebut poě ‘Arofah (uningana Nabi Ibrohim kana hakěkat ěta impian). Dina peuting nu katilu, ěta impian datang deui. Nya dina waktu isuk-isukna, kakara Nabi Ibrohim ngadugikeun ieu impian kanu jadi putrana. Ku sabab ěta, ieu poě disebut poě Nahar (meuncit). Dina waktu rěk meuncit Ismail sakumaha nu jadi isyarat dina impianna, Nabi Ibrohim teu wasa něnjo jasad nu jadi putrana. Ieu ogě jadi bukti yěn lalampahan Nabi Ibrohim waktu harita lain dumasar kana rasa benci jeung ijid kanu jadi putrana. Da upama ngarasa benci jeung ijid mah, teu kudu ngabalieurkeun beungeut sagala.

Kadua, impian Nabi Ibrohim mangrupakeun bagěan tina wahyu Alloh Ta’ala dumasar kana pidawuh-Na “Yeuh Ibrohim! Saěstuna anjeun geus ngabenerkeun ěta impian”. Ieu kalimah lain ti Nabi Ibrohim, tapi langsung ti Alloh Ta’ala. Ieu kalimah ngandung harti anu tětěla pikeun jalma-jalma anu ngagunakeun akal pikiranna. Malah mandar, Alloh Ta’ala ngadugikeun bahan ganjaran pikeun ieu lalampahan ku pidawuh-Na “Saenyana nya kitu Kami ngaganjar jalma-jalma anu ngalampahkeun kahaděan”.

Katilu, Alloh Ta’ala ngadugikeun “Jeung Kami geus ninggalkeun (conto) di maněhna pikeun jalma-jalma anu pandeuri”. Ieu kalimah ngandung harti Sunnah Nabi Ibrohim lain ku meuncit putrana, tapi meuncit ingon-ingon sakumaha kajadian waktu harita nu dipeuncit těh lain Ismail tapi ku Alloh Ta’ala geus dituduhkeun yěn peupeuncitan těh nyatana mah domba anu lintuh.

Kaopat, Alloh Ta’ala nandeskeun “Kasalametan (ti Kami) pikeun Ibrohim”. Ieu ayat jěntrě kacida mangrupakeun jaminan jeung jangji ti Alloh Ta’ala yěn Nabi Ibrohim aya dina kasalametan lantaran geus mampu ngaliwatan ujian tur cocoba ti Alloh Ta’ala. Malah Alloh Ta’ala negeskeun yěn Nabi Ibrohim kaasup di antara jalma-jalma anu iman ka Mantenna.

Sajaba ti ěta, dina Tafsir Abdurrozzak disebutkeun yěn nalika Nabi Ibrohim rěk nyumponan ěta ujian jeung cocoba, setan datang ka ibuna Nabi Ismail (Hajar) bari ngagoda ku caritaan, “Rěk indit kamana Ibrohim jeung anak anjeun?”. Ceuk Hajar, “Rěk nyumponan pangabutuhna”. Ceuk setan, “Lain, Ibrohim těh rěk meuncit anak anjeun”. Ceuk Hajar, “Naha makě jeung rěk meuncit sagala?”. Ceuk setan, “Ibrohim nyangka yěn ěta těh parěntah ti Pangěranna”.

Tah nurutkeun ieu riwayat, tuduhan impian Ibrohim mangrupakeun sangkaan Nabi Ibrohim kana parěntah Alloh Ta’ala datangna ti setan la’natulloh ‘alaih. Jadi mun aya jalma, iraha waě jeung di mana waě, anu nuduh ka Ibrohim saperti kitu tangtu ěta těh gambaran setan dina wujud manusa (minal jinnati wan naas).

Nya dina surat al-Haj, Alloh Ta’ala nandeskeun hakěkat ibadah kurban pikeun umat Rosululloh Saw anu unggelna,

“Jeung ěta sato-sato kurban těh, Kami ngajadikeunana keur aranjeun minangka sabagěan tina syi’ar Alloh; di dinya těh aya kahaděan (ganjaran) pikeun aranjeun. Ku kituna aranjeun kudu nyebut asma-Na Alloh nalika ngabarisna ěta sato kurban. Tuluy upama geus rarebah, pěk geura dalahar tina sabagěan ěta peupeuncitan těh, sarta běrě dahar jalma-jalma anu butuheun jeung jalma-jalma anu měnta. Nya kitu Kami nundukkeun ingon-ingon těh pikeun aranjeun sangkan aranjeun muji syukur. Alloh henteu nampi dagingna jeung getihna, tapi Alloh rěk nampi takwana ti aranjeun. Kitu Alloh ngagampangkeun kurban-kurban pikeun aranjeun, sangkan aranjeun ngagungkeun ka Alloh lantaran pituduh-Na; jeung geura bubungah jalma-jalma anu ngalampahkeun kahaděan”. (QS al-Haj [22]: 36 – 37)

Ieu ayat kacida jěntrěna, ibadah kurban těh mangrupakeun syi’ar Alloh Ta’ala. Salah sahiji sarana pikeun idhar-na Islam, utamana kaunggulan Islam dina aspěk sosial kamasarakatan ku mangrupa paduli kana kahirupan umat anu kudu silih bagěakeun tur babagi dina rasa kabungah. Dina ěta ayat, Alloh nandeskeun “Sarta běrě dahar jalma-jalma anu butuheun jeung jalma-jalma anu měnta”. Sakalih ti ěta, ibadah kurban mangrupakeun sabagěan tina sikep syukur kana ni’mat Alloh tina wujud kacukupan harta banda jeung ayana sasatoan nu bisa jadi sarana pikeun ngawujudkeun katakwaan jalma-jalma anu ngalampahkeun kahaděan.*** Wallohu a’lam bis showab

Dikirim ku dina 25 Sep 2015. Dina rohangan IBER. Salira tiasa ngiring ngarespon kana ieu seratan dina wadah RSS 2.0. Salira tiasa nyimpen tanggapan kana ieu seratan

Tulis Tanggapan

Photo Gallery

bebas bayar, pembayaran mudah dan cepat, transaksi online, pembayaran tagihan dan tiket, transfer dana online
Kategori
Direka ku Gabfire themes